Sebutkeun dongeng nu kaasup sasatoan (fabel)?

Sebutkeun dongeng nu kaasup sasatoan (fabel)?

jawaban

Dongeng nu kaasup sasatoan (fabel) nyaeta saperti Si Kancil Maling Bonteng, Si Kancil jeung Buhaya, Gajah Eleh Ku Sirem jeung Gagak Hayang Kapuji. Dongeng fabel nyaeta dongeng ngeunaan budi pekerti anu bisa dijadikeun picontoeun atawa pieunteungeun ku cara nyieun carita anu palakuna nyaeta sasatoan.

Pembahasan

Aya sawatara rupa dongeng, nyaeta fabel, farabel, mite, sasakala atawa legenda jeung babad atawa sage. Dongeng teh kaasup kana karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa, nyaeta prosa buhun. Ciri utama jeung anu paling dipikawanoh tina dongeng nyaeta caritana anu teu asup kana akal atawa sok disebut pamohalan.

Pengertian dongeng dalam bahasa sunda

Dongeng nyaeta karya sastra anu mangrupa carita rekaan atawa khayal dina wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa prosa, nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Conto prosa buhun nyaeta dongeng jeung carita wayang. Sedengkeun conto prosa modern nyaeta saperti novel jeung carita pondok atawa carpon.

Baca juga  Istilah séjén tina panumbu catur téh nyaéta?

Ciri khas carita anu aya dina dongeng nyaeta mangrupa carita rekaan atawa khayal anu biasana pamohalan atawa teu asup kana akal jeung loba bohongna. Tapi kusabab caritana sok pamohalan jeung loba bohongna, dongeng sok dipikaresep ku barudak. Kukituna carita nu aya dina dongeng sok dieusian oge ku atikan anu penting pikeun dijadikeun pieunteungeun atawa picontoeun keur barudak.