pamilon nyaeta

pamilon nyaeta

jawaban
Pamilon hartina “anu miluan”. Umpama dina basa Indonesia, pamilon atawa “anu miluan” disebutna “peserta”. Dina basa Sunda aya istilah paguneman. Paguneman nyaeta cacarita atawa ngawangkong dua arah, silih tempas, antara dua urang atawa leuwih, jeung ngagunakeun kalimah langsung.

Umpama ditilik tina suasanana, aya dua rupa paguneman, nyaeta paguneman resmi jeung paguneman teu resmi. Conto paguneman resmi nyaeta saperti sawala atawa dina basa Indonesia disebut diskusi. Sedengkeun conto paguneman teu resmi nyaeta saperti ngawangkong jeug babaturan atawa jeung kolot sorangan.

Dina sawala, aya anu disebut panumbu catur, girang serat jeung pamilon. Panumbu catur sarua hartina jeung moderator, girang serat sarua hartina jeung notulis atawa sekertaris, jeung pamilon sarua hartina jeung “anu miluan” atawa peserta.

Baca juga  Dongéng téh kaasup karya balaréa, lantaran?